Pupuh Kinanti




Pupuh merupakan puisi tradisional dalam berbagai bahasa, salah satunya dalam Bahasa Sunda yang dikenal juga sebagai tembang.

Jenis karya sastra ini terikat dengan aturan atau pakeman yang terdiri dari: Guru wilangan (Suku kata pada setiap barisnya)
Guru lagu (Suara vokal di akhir setiap baris)
Jumlah baris atau padalisan
Watak pupuh

Pupuh dalam Bahasa Sunda pun memiliki ciri-ciri yang dapat dikenali dengan mudah, yakni: Memiliki tema tentang ngadagoan, nganti-nganti, aya nu diarep-arep, atau prihatin
Memiliki guru wilangan sebanyak delapan suku kata
Berisi guru lagu yang terdiri dari u-i-a-i-a-i



1. Contoh Pupuh Kinanti I

Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih
Ari beurang ngagarantung
Eunteup dina tangkal kai
Disada kokoreakan
Cing hempek ku hidep pikir
Nu kitu naon ngaranna
Lolong lamun teu kapanggih

2. Contoh Pupuh Kinanti II


Abdi tara bosen nunggu
Nungguan kasih kamari
Iraha pun badé datang
Ceunah rék datang kiwari
Tapi anjeunna teu datang
Nunggu kasih nu teu pasti

3. Contoh Pupuh Kinanti III

Di urang mah loba gunung
gunungna loba nu aktip
urangna kudu waspada
hanteu weleh ati-ati
bisi ngadadak musibah
gunung teh ngutakeun api
urut gunung anu bitu
aya gawir nu lungkawing
ngagerewong jadi kawah
bisa katempo ti sisi
tur ngahasilkeun walirang
sok dipake ubar kulit
Galunggung ngawurkeun lebu
dibarengan keusik panas
mudalkeun kubikan keusik
mancawura ka mamana
kana walungan ngamalir
ngamalirkeun lahar panas

4. Contoh Pupuh Kinanti IV


Indung tunggulna rahayu
Nyaah deudeuh bela pati
Bapa tangkalna darajat
Ngatik ngadidik gumati
Tos teu kawerat jungjat
Anjeun nu dianti-anti

5. Contoh Pupuh Kinanti V


Anaking nu ngaran Jalu
Poma ulah leutik burih
Masing ludeung ngalalana
Sing rancage sepi pamrih
Nalang ka jalma nu susah
Nyaah ulah pilih kasih

6. Contoh Pupuh Kinanti VI

Nulung kudu kanu butuh
Jeung papada silih asih
Nalang kudu kanu susah
Leuleus awak hamo pamrih
Awak bagja hate bungah
Jati diri sing kapanggih

7. Contoh Pupuh Kinanti VII

Kamari abdi ka Bandung
Meser patlot meser gerip
Meser buku meser sabak
Meser kalam meser mangsi
Meser baju jeung calana
Sareng meser kaos kaki


close